Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Sok sageuy henteu kacangking
    Sanajan nu gagah rongkah
    Da teu bisa ngapung
    Tangtu beunang dirageman
    Éta kitu sareng simkuring salaki
    Tur ka aceuk sareng raka

  1. Eta kitu pihatur simkuring
    Henteu tega ka aceuk ka engkang
    Ratna Komala ngawalon
    Aéh rai karah kitu
    Kutan téh rakana rai
    Naha tu henteu nyarita
    Lamun nyana kitu
    Nya iyeu ari ayeunan mah
    Aceuk terang kangen ka caroge nyai
    Leuwih cocog aceuk manah

  2. Atuh geuwat urang téh Nyai
    tuang raka haturanan lenggah
    Napsuna mah negur baé
    Miwarang cacawis saur
    Sinareng masang cikopi