Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Duanana buta pada ngarumpuyuk
    Jaka Mursada ngalahir
    Pék paman geura belenggu
    Ardanaya nyokot tali
    Ras eling buta ngaromong

  2. Ari pokna aduh gusti kuring ampun
    Naya genggong ngomong gesit
    Seug sia bét make ampun
    Sia bakal dikabiri
    Kitu carek Naya Genggong

  3. Aden Bagus malebu ka gunung asup
    Ku badegana diiring
    Tirta Bulayah ti luhur
    Kumeclak kalangkung bening
    Ku Raden Bagus diwartosan

  4. Wawadahna geus aya di dinya baku
    Geden lamun ditanding
    Ngan sagede nyupu tanduk