Ieu kaca geus divalidasi
- Ratna Komala pihatur
- Nu engkang éta Kombari
Sareng Kombara dibanda
Naon éta margina téh
Jaka Mursada ngandika
Éta nu matak dibanda
Kombara Kombari ngamuk
Ngoretkeun Tirta Bulayah - Ayeuna kumaha rai
Dilaan atawa moal
Sabab kitu dosana téh
Ratna Komala haturan
Ayeuna mah engkang
Jisimkuring bade nunuhun
Hampura baé ayeuna - Murasada ngalahir deui
Pék laen éta talina
Udar ku Naya Genggong
Ka Raden Jaka Mursada