Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Nimbalan ka patih Mesir
    Patih sing sadia jalma
    Anu bakal nanggung
    Eunjeung santana paréntah
    Sawaréh bakal dibawa

  1. Eujeung ménta anu bakal ngiring
    Opat puluh pilih nu garagah
    Nu dua keur pangambeng
    Mangké di nagri Rum
    Jeung déka mawa sapi munding
    Entog soang meri hayam
    Ulah hésé diditu
    Kuda gajah rarahaban
    Sing sadia ulah uyup-ayap deui
    Bari nyempah patih indit

  2. Gadag gidig ka paséban pasti
    Paparéntah gancang nu maréntah
    Jeung éta jalma janggal
    Ti peting dikerid unggul
    Ti kampung nagari mesir
    Jalma pinter kapalana
    Mandorna nu nanggung
    Geus ngaliud di paséban
    Abdi gusti ka Erum nu bakal ngiring
    Sarébu santana gagah