Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/187

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Lamun kenging enggal diantos
    Saur raden patih kitu
    Ngawalon Raden Mursada
    Berkah paman kengin pisan kaulanun
    Nu ngaran Tirta Bulayah
    Ieu dikandung ku kuring

  1. Pék patih coba ngilikan
    Hayang nyaho Tirta Bulayah téh nyai
    Herang atawana kiruh
    Kitu patih panggolona
    Raden Bagus ngawansul barina imut
    Mengke bae mah dinagara
    Disanggakeun ku simkuring

  2. Patih Cangkiling ngeukeuhan
    Rék dibikeun ditoel baé ku pangiring
    Bari ngiceupan ngomong lembut
    Poma Agan ulah beunang
    Éta patih olo-olo ngageuleuyeuh
    Samalahan ibu Agan
    Kapungkur pan rék dipeuncit