Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Ardanaya ngamukna teu pilih tanding
    Balad patih sami guyur
    Aya anu susurakan
    Anu ngomong urang montong ngili-ngilu
    Da urang teu niat perang
    Pajar mapag putra gusti

  1. Ayeuna kitu petana
    Agan patih éta nu hiri dengki
    Teu pupuguh ngajak rusuh
    Kitu ceuk sakabeh balad
    Ceuk sawareh teu nyana arék ngarurung
    Da lamun nyana perang mah
    Déwék mah teu sudi najis

  2. Jeung ieu batur kumaha
    Euleuh patulayah prajurit
    Ku gandel diamuk
    Jeung ku licik gandek dua
    Henteu terka manehna mah tawoh weduk
    Sawareh ninggal dulurna
    Anu rerehan ka patih