Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Diluar raja ngadawuh
    Nimbalan ka patih Mesir
    Ki patih tunggu nagara
    Masing ati-ati patih
    Bisi aya kumaha onam
    Da urang gé moal lami

  2. Patih Arfa sembah matur
    Ngabdi neja jiad gusti
    Lajeng raja nitih gajah
    Gerwa putra nitihna jalmi
    Jeung raja maos bismillah
    Hayu kipatih Cangkiling

  3. Pihatur ki patih Erum
    Nun sumangga ngiring gusti
    Enggal raja Mesir angkat
    Nu ngiring heula pandeuri
    Gotongan mah geus ti heula
    Lempang ti beurang ti peuting

  4. Kawantu janggol geus baku
    Leumpangna beunang diangsih
    Geus dongko ka palabuhan
    Parahu kapal geus nyanding
    Kapal aya kapalana
    Beunang ngurus patih Mesir