Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/212

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Rakana Erum seug ngadawuh
    Coba asep geura asup
    Raden Mursada ngalahir
    Paman Ardanaya hayu
    Eujeung Paman Naya Genggong

  2. Ari rék bela tumutur
    Hayu urang bareng asup
    Badega ngawangsul ceurik
    Eh, agan tong loba saur
    Abdi bela ti bareto

  3. Bareng paéh bareng hirup
    Abdi hayang ulah kantun
    Seja ngiring lahir batin
    Omong badegana kitu
    Ardanaya Naya Genggong

  4. Raden Bagus enggeus gebrus
    Badegana dua nya kitu
    Jijingklak Patih Cangkiling
    Sang Putri Mesir sumaur