Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/225

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Pada hatur pamenget jeung istri
    Mangga gusti Anom
    Sim abdi mah satimblan baé
    Ngadederek dawuh gusti
    Haru-haru abdi
    Seug ratu ngadawuh

  2. Ayeuna mah nyai ngabdi-ngabdi
    Montong diparios
    Teu ngawula tangtu ditumpas baé
    Nu matak naon dibasmi
    Walon Gentra Sari
    Anggang lamun kitu

  3. Heunteu adil cara putri Mesir
    Maotna gé awon
    Ari engkang jumeneng ratu téh
    Lamun teu aya abdi-abdi
    Saha nu ngagusti
    Anu nyebut ratu

  4. Lamun euweuh éta abdi-abdi
    Urang meureun jongjong
    Engkang calik tangtos nyalira baé
    Lamun kitu kuring baé