Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/228

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Langkung buni ibu ratu nu nyumput
    Aceuk sumangga ningali
    Ratna Komala ngawangsul
    Boa éta lain deui
    Sabab urang tacan nyaho

  2. Moal temen ibu ratu kawas kitu
    Lawas gé piraku teuing
    Éta nini enggeus pikun
    Kapan karék putra hiji
    Sok piraku téréh kolot

  3. Kasalahan urang téh rai geus tangtu
    Ari saur Gentra Sari
    Aceuk mangka geura lungsur
    Urang cokot itu nini
    Sanajan lain gé wantos

  4. Lamun enya ibuna da meureun ngaku
    Mun lain ambarkeun nini
    Bisi nu mundeur kasarung
    Enggal lungsur Gentra Sari
    Tiluhur kajero kaso

  5. Lir ibarat heulang nyabet hayam kitu