Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/230

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Prabu Anom teu ngalahir
    Ka ibu tacan wapaos

  1. Enggeus calik ibuna henteu sumaur
    Putrana nya kitu deui
    Ratna komala pihatur
    Sareng putri Gentra Sari
    Sumangga engkang parios

  2. Enya ieu ibu engkang nu kabur
    Atawana lain deui
    Lamun enya baé sukur
    Orokaya bisi lain
    Boh bilih rai kawalon

  3. Ratu Erum ngadawuh barina imut
    Engkang ogé ari nyai
    Teu terang karupa ibu
    Coba saur paman patih
    Duanana sing marios

  4. Patih gancang dibéjaan kanu nyaur
    Geus pada pating garidig
    Maruru ka ibu ratu
    Geus dongkap kalebet patih
    Patih dua nu teu poho