Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/232

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Balikanan ibu pirang-pirang nuhun
    Rumaos dinyawaan deui
    Rumaos geus teu nyangaku
    Kana pihirupan deui
    Ibu geus ngakukeun maot

  2. Pada pukah patih ratu henteu nyuuh
    Komala jeung Gentra Sri
    Ibuna pada ngarungrum
    Nyarios waktu prihatin
    Sadaya sami hawatos

  3. Prabu Anom ngadangu carios ibu
    Soca beureum nangis deui
    Bari nyaur meungeus ibu
    Montong dipisaur teuing
    Patih jeung ama da maot

  4. Ayeuna mah da kuring nu jadi ratu
    Malah nu jadi patih
    Mang Masrut sareng Mang Daud
    Eta nu béla kakuring
    Estu ti orok dirorok

  5. Ayeuna mah geura siram baé ibu