Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/259

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    lalumpatan pada muru
    dur ngabedil sadayana
    prajurit silih bedil perang campuh
    silih pedang silih tumbak
    rame surak ting ngajerit

  1. ratu saawe nagara
    geus sosoak ngabudalkeun balad deui
    rosa balad para ratu
    ratu Salawé nagara
    nu susumbar mana-mana ratu Rum
    coba jeung aing lawanna
    montong ngarusak nu leutik


  2. sok jeung raja umbaran
    geura bijil ku aing arék di bedil
    teu puas mun teu karingkus
    bongan ngorékkeun anak
    ratu jadi ngahina ka pada ratu
    marukan aing malarat
    Mun teu nyaho aing sugih


  3. Kitu ratu susumbar
    Ratu Erum tonggoy ngamuk ku cameti
    Panon geus surup
    Anu perang lahan kalah