Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/263

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Jeung mariam bedil tanggara disundutan
    Geus eundeur ka jero nagari
    Radén patih Urawan
    Kagét jeung radén Cumina
    Sang ratu Erum narpati
    Pada iatna
    Enggal majeng geus diiring


  2. Ratu Erum nitih kuda pajenéngan
    Pajenéngan nama aji
    Sang raja Umbaran
    Kuda gagah ngiring malang
    Langkung gonjlang waktu ngirig
    Radén Cumina
    Kudana dawuh Raspati


  3. Radén petih kudana beureum baralak
    Calangap beukieun gétih
    Geus rancung ceulina
    Pungkureun wadia balad
    Prajurit musuh caringcing
    Nenjo lawan
    Patemu bongan dor ngabedil


  4. Sami wani gagaman pada gagaman
    Dor-dor anu silih bedil