Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/292

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Béré inten jamrud ulah sina jejeritan
    Sina répéh sabab ieu masih peuting
    Erék dipandang ku bapa

  1. Bari nempo sang raja Yamani
    Ratnawulan déngkul kakajayakan
    Nangis henteu répéh-répéh
    Ngahiung dongkap ku isuk
    Kocapkeun geus beurang deui
    Kasigeug ratu siluman
    Nu kocap di Erum
    Ratu kaleungitan garwa
    Papariksa kasaban anu di bumi
    Kapungkur pada néangan

XXXVIII. Pupuh Pungkur


  1. Geus guyu di padaleman
    Gulang-gulang upacara balawiri
    Néangan pawarang ratu
    Sang raja tur sosoak
    Para mantra patih dua lumpat muru