Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Kamaklum ku jisim kuring

  1. Ari perkawis éta mah
    Nya sumangga dihukum Andaya Sasih
    Nanging mangké geus ngajuru
    Orokna sing medal heula
    Sabab éta bising anak kuring éstu
    Hayang terang dirupana
    Najan enya anak kuring

  2. Mun awéwé ditelasan
    Lalaki gé mun goréng mah dipeuncit
    Geus tangtu dibunuh
    Sabab reuneuh menang jinah
    Ayeuna mah manawi rujuk jeung sepuh
    Badé ditikah baé heula
    Ayeuna putra dikawin

  3. Kitu raja ngadawuhna
    Purba Lintang pihaturna semu ajrih
    Ngabdi mangga kaulanun
    Ku raja badé ditikah
    Nanging kersa raja sumpah ka Nu Agung
    Boh bilih cidra ka ama
    Teu pegat Andaya Sasih


VI. Pupuh Pungkur

  1. Sang raja Rum imut bari ngadawuh
    Sumpah ogé hadé nyai