Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/308

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Pada matur Gentera Sari jeung kombala

  1. Engkang jadi kangeunahan
    Sagala miwarang istri
    Ratu sagédéngeun ngandika
    Ka rayina Gentera Sari
    Kajeun teu kersa mah Nyai
    Carék keukeuh geura mundur
    Tah Engkang sok susungkunan
    Garwa dua bari seuri
    Barina gé Engkang mah ku sok pundungan


  2. Tuh banyol baé rayi mah
    Leresna piraku abdi
    Mungpang ka kersa Engkang
    Kapan gusti lahir batin
    Istri mah teu aya deui
    Kapan ngan pameget éstu
    Moal mangéran nu lian
    Ngan Engkang anu dipusti
    Manah Engkang ulah waka susungkunan


  3. Ké Nyai rék nyeupah heula