Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Pada suka nu lalajo

  1. Raja pésta henteu lambat dipicatur
    Tujuh poé tujuh peuting
    Geus lekasan pésta ratu
    Gerwa raja putri Mesir
    Urang ujengkeun carios

  2. Raja mesir pihatur ka Raja Rum
    Putra kang rama amit
    Ayeuna ama rék wangsul
    Perkawis tuang rai
    Upatan lampagna awon

  3. Kedah wuruk putra langkung ma'lum
    Sarengna titipkeun nyai
    Éta awakna sakujur
    Kitu sahur raja Mesir
    Sang Raja Erum ngawalon

  4. Dawuh ama éta kateda kasuhun
    Mangga ama badé mulih
    Ting colodok anu nyembah
    Raja Mesir anu keur mulih
    Heunteu panjang ti carios