Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/348

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Lauk situ gepéng hulu
    Ngalelewa anu nulis
    Kawasna ngadeleg sawah
    Lain ogoan mah kuring
    Haréndong jadina dahan
    Teu boga adeuh nu nulis


  2. Ngarandu asak dipupu
    Ngapur omongan nu nulis
    Rampadan pérak rusa
    Asa dialem nu nulis
    Cau gunung ka reuma
    Lelewa reueus nu nulis


  3. Tanduk imah jangkar rasa
    Lampah nu nulis lekasan
    Cakung lembut saba ropet
    Rucat-rocét beunang nulis
    Pangapunten ka sadaya
    Ka sakur anu ngaruping