Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Baroraag lalajo abdi kaula nun
    Ngan risi nu aya abdi
    Sok inggris gusti ngajuru
    Taya nu néang paraji
    Ari pok pun Naya Génggong

  2. Ngan sim abdi terang baé kula nun
    Kamari basa lalajo
    Ngan nempo anu diburu
    Bet loba dodol jeung wajit
    Ku simabdi didodoho

  3. Sareng mendak dina kéler angeun lauk
    Dibantun baéku abdi
    Malah Ardanaya nguyup
    Ardanaya cengkat ngetig
    Bongan sia Naya Génggong

  4. Keur kitu ningal putri Mesir
    Ieu rarasaan aing
    Palangsiang rék ngajuru
    Tuh geuwat ngala paraji
    Aing bet nyeri bobokong

  5. Naya Génggong manéh nguninga ka ratu
    Ardanaya ka paraji
    Kitu saur Nyai ratu
    Badéga ngageuwat indit