Ieu kaca geus divalidasi
- Isina mah liwat langkung
Ningal beubeunangan nulis
Rocekl kawas tapak hayam
Bener saé da geus bukti
Nu nulis enggeus lekasan
Dikumaha da geus kitu. - Pangapunten jisim abdi
Ka sadaya anu nguping
Ayeuna ka tegal pandan
Geura samaktakeun ngopi
Cikur jangkung jahé lenjang
Geus paralay geura mulih
Rumaos bodo téh teuing
Ananging ari paneda
Dumugi parek rejeki
Boh bilih aya lepatna
Nyebat katara teu uni
Wayahna baé hampura
sareng anu salah deui
aya kaliruna tulis