Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Geus puguh Patih Cangkiling
    Rangga Demang ngadeuheusan
    Pangkat leutik pangkat gedé
    Geus pada séba ka Raja
    Kumpulan di Padaleman
    Raja Rum lajeng ngadawuh
    Éh, sadaya pangkat-pangkat


  2. Jeung sugan aya pamanggih
    Ménak atawa somahan
    Aya parawan nu hadé
    Nu pantes badé pawarang
    Sukur lamun putra ménak
    Kami téh bet hayang nyandung
    Sakitu nu kapihatur


  3. Sadaya matur ka gusti
    Sadaya abdi ngiringan
    Nanging henteu mendak baé
    Istri nu badé pawarang
    Mung ngupingkeun cariosan
    Putri Mesir anu punjul
    Kasihna Gan Purba Lintang


  4. Nu ngalamar bala wiri
    Ratu salawé nagara
    Tacan kersaeun baé
    Duka enya wantos béja