Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XIII. Pupuh Sinom


  1. Seug deui Radén ngandika
    Geuwat Paman nyokot deui
    Geus montong loba carita
    Kabéh baé lomba giring
    Harita badéga indit
    Naya Genggong gura-giru
    Sarawuh Ki Ardanaya
    Ka babakan enggeus nepi
    Nini Aki mariksa ka Ardanaya

  2. Agus mancing téh kumaha
    Geus meunang sabaraha hiji
    Asép dimana ayeuna
    Kitu carék Aki Tamli
    Ki Ardanaya ngalahir
    Agan mah di sisi laut
    Nguseupna teu acan meunang
    Eupana mah eunggeus abis
    Balik soteh Kaula rék nyokot eupan