Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Lauk ngomong kawas jalma
    Ari pokna mengké Gusti
    Abdi ulah dipaéhan
    Sabab lamun paéh Abdi
    Gamparan enggeus pianasti
    Mamang enya jeneng Ratu
    Sakitu lauk omong
    Jaka Mursada ngalahir
    Naha enya jeung bét bisa ngucap

  2. Na lauk naon ngarana
    Gedé serta alus teuing
    Panon inten sisit emas
    Lauk téh pok ngomong deui
    Ari ngaran mah simkuring
    Tegesna iwak Minayu
    Abdi lamun dihirupan
    Sarta ka caikeun deui
    Gusti lamun napak kangjeng di Sagara