Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mas Sobari tujuh taun leuwih, nganggur eureun tina usahana, lantaran gering nongtoyong, meunang panyakit lumpuh, pirang-pirang beak pangaji, pake ongkos tatamba, duit ratus-ratus, tapi taya ubar mental, kilang kitu Mas Sobari teu merduli, teu nyaah ka bandana.

Tina banget hayang cageur deui, henteu eureun tina tatambana, beak sawah beak kebon, pake ongkos dudukun, jeung ka doktor geus rea duit, nepi ka beak pisan, ngan kantun kaduhung, banda beak awak ruksak, duit ledis panyakit teu daek leungit, hirup kantun balangsak.

Anu tinggal ngan bandana istri, kilang kitu henteu burung beak, lantaran hantem dihenggoy, dicicilan ditungtut, tut saeutik tungtungna ledis, digade jeung dijual, pake bekel nganggur, ari gawe ngan ngalungsar, rajeun lugay ngan ukur kuat ka cai, kundang iteuk papaksan.

Awak pias sepa kawas mayit, pigeulangan sagede elekan, suku duanana pacer, janggot carang dicukur, rogok panjang jeug aki-aki, Mas Sobari umurna, opat puluh taun, dedeg pangadeg meujeuhna, boga rupa kasipatan amis budi, watek sabar tawekal.

Nyi Patimah pon nya kitu deui, bubuhana turunan santana, kaitung rupana hade, tegep lungguh jeung timpuh, teu kumaki ku dumeh geulis, enggoning kumawula, ka caroge suhud, saregep teu bengkok sembah, tuhu mantep manutanna ka salaki, malah wuwuh nyaahna.

Bela pati lahir reujeung batin, teu ngingetkeun kamiskinanana, teu malire hese cape, suku dijieun hulu, ngabelaanana salaki, ngurus pikeun daharna, teu era buburuh, pikiranana Patimah, maksud seja mulangkeun ku pangabakti, pangasih carogena.

Beurang-peuting tara daek cicing, arang nganggur tina pagawean, baku nu dijieun poko, jadi tatali hirup, tina dagang modal saeutik, balantik kadaharan, sakadarna cukup, pikeun sakalieun dahar, tiluaneun jeung hiji anak lalaki, genep taun umutna.

Kakasihna nelah Ujang Salim, Nyi Patimah kalangkung asihna, estu diwowoy dienod, jadi panglipur kalbu, wantu-wantu

14