Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

KINANTI.

Tina ku lantaran kitu, Patimah teu eureun muji, hatena teu pegat-pegat, maca alhamdulillahi, lahirna ka Nyimas Lurah, batinna ka Maha Suci.

Wengina henteu dicatur, kocap geus isukna deui, mayit geus dipulasara, saadat tali paranti, dipendem di Wanasirna, pakuburan Mas Sobari.

Parelena teu dicatur, tiluna, tujuhna deui, nepi ka matang puluhna, berekahna Mas Sobari, Patimah sabar tawekal, teu kakurangan rejeki.

Malah Nyi Patimah untung, batan rugi meunang bati, sesa hajat paleuwihan, boga beas boga duit, beasna aya gantangna, cukup keur teda sasasih.

Duitna deui nya kitu, aya leuwih tilu ringgit, bungahna taya hinggana, boga modal keur balantik, sasesana tina modal, meuli baju meuli samping.

Wantu geus sagala butut, sampingna kadua rawing, kitu deui keur putrana, pangmeulikeun Ujang Salim, baju katut calananana, Salim bungaheun teh teuing.

Kari mikiran ngajuru, keur sewaka ka paraji, reh lambutna geus mendeyang, geus meh genep bulan leuwih, pikiranana Patimah, sugan untung na balantik.

Rek neundeunan bae nungtut, nyengcelengan tut saeutik, bobokeun tempona babar, pikirna keur bekel cicing, sabab anyar ngajuru mah, moal bisa bibilintik.

Patimah katambah suhud, baktina ka Maha Suci, tina raos laluasa, henteu katemrong kageuing, kawulaaneun teu aya, amung ngajaring Jang Salim.

Unggal Jumaah teu kantun, nyekar ka makam Sobari, peutingna rea hadiah, ka sepuh ka kulawargi, ka ahli kubur sadaya, rata teu dihiji-hiji.

Unggal Senen, Kemis saum, mun ti peuting getol nyaring, tirakat teu kendat-kendat, nirakatan Ujang Salim, neneda ka Nu Kawasa, sangkan meunang rahmat leuwih.

Jang Salim teu meunang jauh, beurang-peuting diaaping, beda

23