Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nyengcelengan, jajanna tetep dipasti, pangajaran nu kalima bakti ka Nu Maha Suci.

Ngajarna geus jadi baku, dina waktu subuh magrib, kabeh waktu anu lima, lohor asar isa deui, mun Patimah rek netepan, dipaksa disina ngiring.

Teu meunang sawaktu kantun, tapi ngan tuturut munding, nurutkeun ruku sujudna, bacaan mah teu dipambrih, wungkul maca Allah-Allah, ti awal nepi ka ahir.

Sakabeh piwuruk ibu, dipetakeun ku Jang Salim, teu aya anu kaliwat, tina ngajarna binangkit, terang lilinggeranana, watekna Salim ditungtik.

Supaya gampang katurut, lami-lami mah kapanggih, kalah ku sabar tawekal, ngeureuyeuh jamakna pusing, tina nyaahna ka putra, malar rahayu di ahir.

Patimah katambah kukuh, amal ibadahna leuwih, terus iman jeung islamna, iman tetep jero ati, percayana ka Pangeran, nu sipat welas jeung asih.

Islamna prak jeung milaku, dipetakeun ku jasmani, ngabuktikeun iman tea, nurut ka sareat Nabi, henteu aya nu kaliwat, dijalankeun ati-ati.

Gawe Patimah tutulung, ka nu beunghar ka nu miskin, ka menak-kuring teu beda, nulungna lain ku duit, wungkul nulung ku tanaga, kawantu Patimah miskin.

Lamun aya nu ngajuru, atawa aya nu gering, ngalongokan jeung ngemitan, ka menak atawa kuring, sumawon ka nu miskin mah, nulungna teh leuwih-leuwih.

Lamun diteang babantu, gusak-gasik gancang indit, tutulungna reujeung iklas, teu seja ngarah dipuji, sumawon ngarah berekat, beberengkes ngarah hasil.

Mun geus beres gura-giru, gusak-gasik gancang balik, teu nunggu disuguh heula, dahar atawana ngopi, kawantu tuman tirakat, biasa dahar sakali.

Tara ngalantung teu puguh, mun lain amal nu hasil, sumawonna ririungan, ngobrol anu matak rugi, nyarita ngupat jelema, moyok atawana muji.

Pangajangan anu baku, ka Nyi Lurah Sukasari, reujeung eta

25