Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nunggelis, da mama mah teu aya parantos hilang.

Urang mah teu boga bapa, orok bangun anu ngarti, ngabalieus ka ibuna, ibuna teu tahan nangis, ngadangu omong Salim, cipanonna munggah cipruk, tina sanget welasna, Patimah ngagiler malik, nu dipalar malar nangis teu katara.

Cisocana disusutan, api-api seug ngalahir, ka Salim miwarang nyandak, pahinum na pinggan putih, Jang Salim cukah-cikih, ngalaladenan ka ibu, bari ngomong ngocomang, tatanya peta paraji, ceuk Jang Salim bu eta naon gunana.

Heurap cempor jeung aseupan, heurap dipake lalangit, damarna ngaceng ngagenclang, aseupan diculang-caling, sareng tadi paraji, bubura disembur-sembur, imah dikurilingan, ibuna ngawalon manis, eta memang Ujang kitu biasana.

Ilahar ti babaheula, ti karuhun nini-aki, lamun aya anu babar kudu aya bae nyanding, ibu oge teu ngarti, asalna eta pang kitu, kawas ti jaman buda, turun nepi ka kiwari, make soteh ibu mah pedah geus lumbrah.

Pok deui Salim ngajawab, atuh lamun henteu ngarti, naon pigunaeunana, tuturut ka nu mustail, kalah kaheurin-heurin, ibuna ngawalon imut, bener carita Ujang, tapina kudu dipikir, sakumaha pinyerieun hate jalma.

Lamun ku urang dicawad, kapercayan nu geus galib, turta henteu matak susah, di urang teu jadi rugi, najan rasa teu wajib, make nu sarupa kitu, tur kapercayaan jalma, sanajan tuturut munding, nu bodo mah hese pisan dicegahna.

Salim cicing teu ngajawab, ngabalieus bangun pusing, sajero manah Patimah, ka putrana rada muji, wireh geus boga ati, mikiran sarupa kitu, tinangtu di ahirna, pangartina rada leuwih, Kacirina daek telik tatanyana.

Patimah sabot ngamanah, torojol Nyi Lurah sumping, henteu pupuntenan heula, teras lebet ka jro bumi, teu asa-asa deui, rasa conggah jadi dulur, kerewek nyandak budak, diambing dibulak-balik, dititimang nyaah siga ka putrana.

Dipapangga didungaan, kuwas-kuwes tilu balik, salamet jeung tulak bala, lajeng diebogkeun deui, seug muka nu dikempit, eusina encit jeung sarung, ieu ayi lumayan, panyeumpal ka

27