Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

digamparan.

Nyi Patimah gusak-gasik, pakpikpuk ngamparkeun samak, Nyi Lurah sumping enggeus jol, Nyi Patimah mamanggaan gek calik na amparan, duaan papayun-payun linggih bari sasauran.

Ceuk Nyi Lurah puguh ayi, aceuk teh tas kokojayan resep ningal cai ngocor, cipalih herang ngagenclang, duaan jeung engkangna, sambian bari ngalantung, tamba pegel jalan-jalan.

Ngajakna mah ti kamari, engkangna ka dieu nganjang, aceukna teu purun bae, wireh ampir geus sabulan, gering sok nyeri awak, maksad teh aya perelu, ngarempagkeun tuang putra.

Reh nyondong serat ti Nagri, ideran ka unggal desa, sasih ieu kedah caos, pamurideun ka sakola, di dayeuh kakurangan wireh ti dieu mah suwung, ka Nagri acan ngaosan.

Kumaha mun Ujang Salim, wireh parantos meujeuhna, urang sakolakeun bae, sina bareng jeung pun anak, dupi bayaranana, keun engkangna anu nanggung, satalen ieuh teu pira.

Sugan bae aya milik, sahenteuna nu sakola, bubuhan boga pangartos, bisa ngitung reujeung maca, engkena moal sesah lamun manah ayi rempug, rek dirapot ku engkangna.

Mas Lurah nyambung ngalahir, neuteup pameunteu Patimah, galihna bati sumedot, randa cahyana gumembjar, waosna nyacas bodas, pokna bener eta kitu, sakumaha ceuk aceukna.

Patimah ngawalon aris, atuh kalangkung bingahna, bet mobok manggih gorowong, eukeur mah gaduh emutan, mikiran ti tadina, kaleresan langkung nuhun, estu ngiringan sakersa.

Lurah Nyi Lurah marulih, ka Patimah geus pamitan, kacatur wengina bae, Nyi Patimah ngawurukan, ngaweweleh putrana, sangkan Ujang Salim purun, ka dayeuh asup sakola.

Nyaurna ririh jeung manis, Ujang engke bulan Sawal, mireh Ujang enggeus gede, meujeuhna asup sakola, tina ku sabab eta, wayahna Ujang sing purun, mimiti kudu diajar.

Maca ngitung reujeung nulis, reujeung sajaba ti eta, Jang Salim ngawalon daek, ibuna kalangkung bungah, putrana diusapan, sukur Ujang anak ibu, poma sing getol diajar.

Enggoning nyiar pangarti, sing ngawula ka wayahna, keur

31