Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Henteu burung ka sakola indit, teu ngingetkeun rea kakurangan, sakolana leuwih getol, nurut piwuruk guru, ku guruna leuwih diasih, taya carekeunana, sakolana maju, ku barudak sasamana, babaturan sakola pada miasih, pirang-pirang sobatna.

Mun sakola tutup pukul hiji, gura-giru balik gagancangan, angger tara luad-leod, anu diburu-buru, ngan adina nu dipiasih, nya eta Nyi Salamah, jadi buah kalbu, dina sajero sakola, taya deui nu wungkul pake kaeling, kajaba kakasihna.

Remen pisan manehna ngalengis, di sakola tara barang dahar, duit anu tilu peser, tina nyaah ka dulur, ku Jang Salim dipake meuli, cocooan Salamah, nu sakira alus, karesepna Nyi Salamah, nu dijieun tina kertas rupi-rupi, nu hargana sen-senan.

Hiji waktu Salim datang, burit Nyi Patimah geus weleh ngantosan, pukul genep kakara jol, ibuna nanya gugup, naha Ujang bet elat teuing, Ujang terus ka mana, ibu weleh nunggu. Jang Salim alon ngajawab, puguh ibu ka alun-alun tras ulin, ningal nu papanahan.

Kaleresan ku juragan Naib, dipiwarang mulungan panahna, kapaksa abdi teh daek, jalaran seueur batur, rencang abdi papada murid, abdi nampi buruhan, rata sareng batur, dibagi sapicis sewang, malah-malah juragan Naib ka abdi, jangji bade ngalanggan.

Saban dinten miwarang ka abdi, nu mulungan panahna anjeunna, ku abdi diwalon daek, tina ku margi kitu, sakalian neda paidin, supados kawidian, ku salira ibu, mulungan ngarah buruhan, lamun abdi kenging sadinten sapicis, jadi gaduh usaha.

Meureun ibu moal ripuh teuing, moal kantos mekelan sakola, artosna bade diparo, lima sen kangge ibu, meser minyak jeung bekel abdi, sareng nu sapalihna, kangge meser baju diteundeunna cengcelengan, keur bobokeun dina sataun sakali, keur anggoeun lebaran.

Lamun teras dietang ku abdi, yasa angger neundeun cengcelengan, dina sadinten lima sen, sasasih mun diitung, jadi campleng limablas picis, upami nyimpen teras, di lebet sataun, jadi dlapanbelas perak, meureun cekap keur meser pakean abdi, ibu sareng Salamah.

33