Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngarti, barang jieun baku nu pake usaha.

Tangtu Salim moal melang, rek ninggalkeun ka Batawi, bisa terus usahana, ibu nu cicing di bumi, sakumaha paranti, bisa cukup pikeun hirup, Salim jongjon ihtiar, enggon aya di Batawi, moal pati mendag mayong pipikiran.

Salim geus babadamian, jeung Encep Tarlan pasini, bulan Hapit baris mangkat, tempona sabulan deui, rek babarengan indit, kacarita hiji waktu, Salim reujeung ibuna, Salamah pon kitu deui, cacarios bada magrib waktu senang.

Salim nu kawit nyarita, basana rendah jeung manis, jalanna malapah gedang, rek nyarios baris indit, tatana hormat tadim, pokna teh kumaha ibu, wirehing hirup urang, enggon ngilari rejeki, satedaeun enjing-sonten sesah pisan.

Ngan ukur tiasa neda, henteu kalaparan teuing, abdi ngemut henteu kendat, usaha nu sanes deui, di dieu bari cicing, namung weleh teu kaemut, dagang teu aya modal, tani pon nya kitu deui, anu sedeng aya sesa tina teda.

Pakulian henteu aya, kawantos di nagri alit, lamun kieu salamina, pangarti abdi mubadir, kenging sakola lami, ngan diangge ruat-raut, ngadamel cocooan, leuheung mun aya pangaji, gawe kesel hasilna henteu sapira.

Upami abdi teu incah, ihtiar ka sanes nagri, hamo pendak kasenangan, mun di dieu bae cicing, ukur jadi pulisi, negtogna kapala kampung, hasilna nu teu pira, kawuwuh meureun di abdi, jadi jalma kurung batok kurang luang.

Taya harti taya harta, tinangtos taya pangaji, hirup sesah salamina, turta masih ngora abdi, emutan jisim abdi, mun aya paidin ibu, sim abdi neda rila, maksad abdi hoyong indit, ka nagara sanes nyiar pakulian.

Sugan pendak sareng kadar, kenging milik rada leuwih, anu sakinten meueusan, malar hasil maksad abdi, yasa nohonan wajib, maksad ngamulyakeun sepuh, slira ibu buktina, pilangbara jeung utami, yasa nyekap ngamumule nu meujeuhna.

Atuh ulah sesah-sesah, kanggo tuang sonten-enjing, turta anu teu sapira, ulah banting tulang teuing, ngabelaan seutik, datang ka karinget ngucur, ngaluarkeun tanaga, estu tisusut ti banting,

41