Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

duit toko rebu-rebu, ibu ge nyaho pribadi, keur dibawa ka Golodog.

Erek asup ka buina ditambalung, keur waktu di jero bui, meunang kabar tuluy pupus, geringna payah ngagetih, mejen cek beja mah bodol.

Taya lian tina perbawana candu, racun ngaruksak ka diri, istrina anu dikantun, ibu meunang beja deui, di rumah sakit geus maot.

Panyakitna bejana kasakit lumpuh, katambah heteu ningali, nyeri panon leuwih ripuh, asalna mah nyeri kiih, tepa ti raka nu maot.

Tah sakitu mamalana eta Agus, madat mabok nginum sopi, madon maen beuki ngadu, tungtungna asup ka bui, gawe eureun bujur dobol.

Sakitu ge masih keneh aya untung, teu boga anak sahiji, coba mun anakan tangtu, tepa sakabeh panyakit, tumpur ludes anak bojo.

Eta kitu Ujang sing jadi pitutur, poma Ujang masing eling, jalma teu nyaah ka hirup, teu nyaho di harga diri, tiwas mamawa ka bojo.

Kalimana ibu ka Ujang miwuruk, poma Ujang kudu ngulik, kabatinan elmu sepuh, pikeun ngababanding diri, lahir-batin malar nyaho.

Petana mah Ujang teh kudu guguru, milih guru anu mursid, tapi kahade kaliru, neangan guru sing apik, ulah sampe kabobodo.

Tingal heula tindak tandukna nu mulus, mungguh guru nu sajati, sanjata guru nu luhung, kamanusaanna bukti, carita jeung lampah amprok.

Samemeh bral Ujang indit rek lumaku, kudu niat dina ati, neangan rahmat Yang Agung, naon bae nu kapanggih, pasihan Gusti Yang Manon.

Talek heula diri Ujang kudu sanggup, sabab mungguh jalma pasti, enggoning di dunya hirup, ngalakonan dua rupi, mun teu susah bungah tangtu.

Mun papanggih jeung bungah rek muji nuhun, bakti ka Nu

48