Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

puluit ngadengek, menta sinyar bangun nu bengis, degig gudag-gidig, ma’lum kareta dur.

Nu rek tumpak ribut geus pabuis, nu mangku ngagotong, aya anu ngajingjing jeung ngelek, babawaan nu rupi-rupi, Tarlan reujeung Salim, narunggu geus nangtung.

Nyi Patimah ti Salim teu tebih, rupana rampohpoy, Nyi Salamah ku Salim disangkeh, cipanonna ngucur jeung ceurik, ibu kitu deui, cisocana nyangkrung.

Kreta api ti wetan ngadigdig, eureun enggeus anjog, ribut jalma nu turun nu naek, Jang Salim tasna geus dijingjing, samemehna indit, Jang Salim ngarangkul.

Ka Salamah barina jeung ceurik,rambisak cipanon, pileuleuyan Amah mangka hade, didungakeun mangka prihatin, sarta sing walagri, sarawuh jeung ibu.

Ka ibuna tapak deku deui, jeung cipanon ngocor, mangga ibu neda dunga bae, Nyi Patimah teu tahan nangis, bawaning ku ketir, barinasumegruk.

Patutungku tiluan careurik, ibu teu ngawalon, teu katahan ku baluas hate, sanggeus salse munjungan pamit, Jang Salim jung indit, cipanonna ngucur.

Geus neng lonceng pluitna ngajerit, kareta ngaheong, tinggarupay ku salempay beye, cipruk urut nyusut citangis, Jang Salim geus indit, na kreta ngadudud.

DANGDANGGULA.

Sora pluit kareta nu indit, lambat matak nyuat nu kasawat, nu kantun di setatsion, nyeuit wuwuh nguluwut, sedih galih anu patebih, wireh ditilar jengkar, nguyung bati liwung, sumelang ati hariwang, ngangres ngenes masinis mapanas galih, pluitna dedengekan.

Ngabangingik kawas anu ceurik, hukhak-hokhok bangun nu sasambat Nyi Patimah leuleus lungse, ngalenghoy ditutuyun, dipapayang kawas teu eling, estu matak hariwang, setatsion suwung, urut rame tinggulantang, wara-wiri jalma anu pulang-anting, sepi ditinggal mulang.

51