Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari seug buatan urang, ngan ukur sahid jeung sair, sabangsa anyam-anyaman, paling negtog ninun samping, kitu oge meh leungit, kadieuna beuki mundur, lain nambahan rea, rasana geus gampang meuli, nu geus jadi perbuatan sejen bangsa.

Lamun henteu dileukeunan, buatan urang Pribumi, kabeh karajinan urang, ku sejen bangsa kalindih, Pribumi tambah miskin, beuki susah nyiar untung, tungtungna bangsa urang, wungkul jadi tukang kuli, anu kaya cumah wungkul sejen bangsa.

Tuh tingal geura Cep Tarlan, Salim bari nunjuk kuli, nu keur nyered peti barang, rupana cape teh teuing, nyeredna make tali, disangkehkeun kana punduk, siga kuda kareta, teu make baju buligir, mandi kesang cipruk saluar awakna.

Salim semu anu welas, ka Tarlan ngomong ngecewis, geura ku Encep manahan, bangsa urang anu kuli, sabangsa eta pasti, di urang puluhan rebu, nu buruhna teu pira, teu leuwih ti lima ketip, nu sakitu ngaluarkeun tanagana.

Turta lain ngabelaan, wungkul keur diri pribadi, bela ka anak-bojona, anakna can puguh hiji, kumaha bisa mahi, mun anakna dua-tilu, sumawon nyesa tea, teundeuneun pikeun di ahir, salawasna hirupna nandang sangsara.

Teu aya peta mikiran, seubeuh dahar ngeunah cicing, beda reujeung sejen bangsa, usaha bawaeun balik, pikeun nyenangkeun ati, di nagrina genah matuh, ku Cep Tarlan kamanah, sakumaha omong Salim, ngaleketey pikirna bati karunya.

Jang Salim tambah kagagas, nu aya reuwas jeung inggis, inggis sieun mendak tiwas, paur batan maut hinis, bangsa urang pabuis, sok sieun hatena kawus, ku lantaran teu kuat, nandangan lara jeung miskin, kasusahan mun teu pisan disoreang.

Jang Salim kitu pikirna, bari nangtung di basisir, nenjo ka tengah lautan, mikirna terus jeung ati, bener lahir jeung batin, boga piki hayang nungtun, tina kaprihatinan, angkeuhna hayang ngajait ngahudangkeun ti laut kamasakatan.

ASMARANDANA.

Keur watir katambah ketir, tengah laut hawar-hawar,

58