Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dirurub ku dua sarung, wantu taya kaen panas.

Sanggeus Salim diaspirin, mulai enggeus manasan, kesangna geus luut-leet, isukna ngarasa senang, ngan kari lalesuna, can mirasa dahar nginum, kacaturkeun hiji mangsa.

Encep Tarlan reujeung Salim, duaan babadamian, geringna geus rada hade, ceuk Salim Encep kumaha, wireh urang ayeuna, di dieu leuwih saminggu, acan nyiar pagawean.

Lamvun cicing lami-lami, abdi teu gancang usaha, abdi mah sesah geus tangtos, upami bekel geus beak, kumaha barang teda, benten jeung Encep nu matuh, nyasat di ibu jeung rama.

Ari abdi mah nunggelis, lamun nganggur kalamian, abdi langkung tampiraos, isin ku ibu ku rama, di dieu lami numpang najan rama sareng ibu, lilah teu majar kumaha.

Ngan abdi bae nu isin, menggahing ku margi eta, mun abdi geus jagjag sae, bade ngawitan ihtiar, ngilari padamelan, sugan pareng aya untung, di mana bae nu aya.

Ayeuna abdi geus wani, ider-ideran sorangan, moal kantos sareng Encep, kawantos abdi geus terang, tempat hiji-hijina, jalanna moal kasarung, margi ku abdi digambar.

Sinareng sugan kapanggih, abdi sumeja neangan, jalma nu kapungkur amprok, basa di Karawang tea, anu jangji ka urang, sanggup anjeunna rek nulung, manawi bae kapendak.

Walonna Tarlan ka Salim, sukur upama kitu mah, ngan pesen kahade bae, upama leumpang sorangan, ulah erek balangah, kawantu di tempat ribut, bisi aya kuma onam.

Balik ulah burit teuing, bisi beakeun setumtram, jadi kudu rea ongkos, mun rek micik kudu leumpang, jeung deui utamana, eta nu dibawa buku, ku Salim kudu tulisan.

Ngaran reujeung tempat cicing, ngajaga bisi cilaka, teu kitu urang teu nyaho, jadi gampang ngabejaan, puguh nu diteda mah, muga salamet rahayu, sarta meunang pagawean.

Tah sakitu pesen kuring, poma Salim ulah salah, reujeung ulah luad-leod, lamun balik nyanyabaan, ulah ka mana-mana, lamun Alim uprak-apruk, tangtu meureun kuring melang.

Kawuwuhan meureun kuring, keueung mun jeung Alim pisah, euweuh pibatureun ngomong, ari babakuna melang, lantaran

60