Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

diterangkeun sanyatana henteu dipandang-dipinding.

Yen Jang Salim masih nganggur, nyiar gawe acan manggih, urang Jawa cacarita, manehna ge kitu deui, nyaritakeun lalakonna, sarua jeung maksud Salim.

Ditungtungan menta tulung, ngomongna jeung lengas-lengis, nyaritakeun kalaparan, reh ti isuk acan manggih, henteu pisan dadaharan, Jang Salim welaseun nguping.

Tuluy Salim ngodok saku, sok dibere dua ketip, semuna bungaheun pisan, ngomongna rea ngecewis, ku Salim teu dibandungan, omongna rea teu uni.

Tuluy bae Salim nangtung, permisi indit rek balik, dina sajeroning leumpang, manehna teu eureun mikir, tata peta eta jalma, lantaran wani musapir.

Tur sakitu gagah segut, pakena alus jeung rapih, digade aya hargana, lamun palebah di aing, moal wani kikituan, satungtung aya pangaji.

Kajeun beak samping baju, dijual melaan peujit, jeung menta mah asa hina, aing kitu acan wani, kajeun ngorbankeun tanaga, dibelaan kuli ari.

Salim pang ngomongna kitu, lain nyacad anu tadi, malah mah welaseun pisan, iklas mere dua ketip, ngan paneda keur manehna, ulah ngalakon musapir.

Sadatangna Salim nyatur, sakur lampah nu kapanggih, ngabuih ka Encep Tarlan, kacatur isukna deui, isuk-isuk Salim mangkat, sumeja ihtiar deui.

Samemehna nu dijugjug, dipaju sakali deui, jiarah ka Luar-batang, neda sapaatna wali, maksudna anu diteda, wireh eukeur peteng ati.

Malah-mandar hasil maksud, meunang pitulung Yang Widi, kana jalan bebeneran, kana tingkah laku diri, wireh keur nandang kasusah, malar dicaangkeun ati.

Geus jarah tuluy ngalantung, henteu gura-giru balik, resep neuleu anu lintar, sinyoh-sinyoh nu pelesir, bari jeung paparahuan, nya eta di laut leutik.

Nu ngamuara ka Tanjung, Salim leumpang mapay sisi, trus ngidul ti Pasarikan ningal polah nu arulin, rupana budak

64