Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

maksudna rek masar jauh, ka Senen jeung ka Kota, Salim teu eureun sapeuting, jongjon nyieun kacooan loba pisan.

Tikel dua kali rea, tina panggagawe sasari, isuk-isuk Salim miang, muru setum nomer hiji, ku Salim teu dipikir, mun manehna naek setum geus tinangtu dicegah, jujul di jero dareksi, digolerkeun heurin sarta tangtu ruksak.

Kaliasan henteu salah, Salim bati bingung ati, barang rek naek ditahan, tuluy Salim mikir deui, bo lamun kieu aing, pinasti kudu mamanggul, leumpang sajalan-jalan, ka Senen reujeung Batawi, lalakonna anu sakitu jauhna.

Pikir Salim tetekadan, erek maksa bae indit, pikirna sugan di jalan, payu sautak-saeutik, balikan meureun rugi, ku ongkos mun naek setum, tidinya Salim mangkat, leumpangna rada ngadigdig, sajajalan teu kaur eureun-eureunan.

Nu ngeureunkeun hiji dua, barudak anu mareuli, teu wudu aya meueusan, bisa meunang dua picis, ka Pasar Senen tepi, dikira pukul sapuluh, tuluy ider-ideran, rancung di pasar ngawingking, sanggeus ngider ti pasar ka pakampungan.

DANGDANGGULA.

Tanah Nyonya kampung Tanah Tinggi, ku Jang Salim sakabeh dipapay, ka Karamat kampung Pulo, terus ngaler ka Kepuh, pungkal-pengkol ka gang laleutik, najan nu acan terang, ku Salim dijugjug, ti Kepuh terus ka girang, mapay-mapay sisi kali rada leutik, terus ka Kampung Utan.

Kampung Utan memang tempat sepi, Ujang Salim bigeug lebah dinya, bingung neruskeun lalakon, kira geus pukul tilu, Ujang Salim sakeudeung mikir, susah teu nyaho jalan, brasna anu terus, nu nyorang ka jalan besar, lebah pisan kali nu anyar dikali, Salim ngadaweung lila.

Kabeneran jol jalma ngadigdig, anu dagang nanggung kadaharan, kukuluban kacang jagong, kentang jeung kulub suuk, dieureunkeun Jang Salim meuli, jagong jeung kulub kentang, ari nu dimaksud, cumah tamba era nanya, ceuk Jang Salim numpang tanya jalan ini, bang! terusnya kamana.

70