Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ti peuting, angin ngabadudud.

Karasana kana sirah using, rieut tingsaredot, eukeur lungse katambah jeung cape, reh sapoe muter teu cicing, ngider gidag-gidig, mapay mapay lembur.

Ujang Salim bingung leuwih-leuwih, ka mana pikeun los, badan cape karasana lungse, suku pegel panas jeung nyeri, Jang Salim ngaririk, ka kaler ka kidul.

Saputerna anu katingali, ngan wungkul sentiong, ngagurunduk, kuburan galede, nu geus terang tangtos tingali, tempat Tamansari, keur waktos kapungkur.

Masih leuweung teu acan dibasmi, ngan wungkul sentiong, estu tempat sepi sarta cebrek, saputerna astana baris, reujeung tangkal kai, galede laluhur.

Nu ngarang ge estu henteu ngarti, ngajadina anjog, pangsasabna los ka dinyana teh, padahal mun Jang Salim tadi, eukeur waktu manggih, simpangan di pungkur.

Lamun nyimpang henteu kosi tebih, enggeus tangtu tembong, Mangga Besar anu kasorang teh, jalan setum tangtu kapanggih, jauhna teu kosi, sapal kurang langkung.

Lamun terus henteu nyimpang deui, eureun di sentiong, terus bae jalan eta keneh, geus tinangtu Poncol kapanggih, tempat rame leuwih, bras ka Pasarbaru.

Ujang Salim ngadaweung jeung mikir, ka mana nya leos, boga pikir balik deui bae, mapay kali ka urut tadi, barang erek indit, teu kaduga nangtung.

Dipaksakeun dua tilu kali, sanggeus hujan orot, tatapina teu kaduga bae, tina banget leuleus jeung nyeri, badan panas tiris, nyengkab rieut hulu.

Salim beuki ngagarukguk ceurik, cipanonna ngocor, unghak-inghak cicing di nu poek, sasambatna ka Maha Suci, ka Tarlan ras eling, ka adi jeung ibu.

Aduh ibu henteu nyana teuing, abdi rek prihatos, nyana kieu tangtos sim abdi teh, moal enya ti lembur indit, jeung ibu patebih, meureun jongjon hirup.

Satadina abdi teh pang indit, tina ku hawatos, ningal ibu anu dugdag-degdeg, ngabelaan teda keur abdi, tisusut tibanting,

73