Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nepi ka sore, barang datang ka buruan, ka bumina mamangna, ramana geus celuk-celuk, bari nyepeng surat kabar.

Bangunna nu sumpeg galih, geura Elon ieuh baca, tah ku mamang nu dicoret, mamang henteu puguh rasa, ku Tarlan ditampanan, hate Tarlan oge ratug, henteu puguh rarasaan.

Di dieu henteu didangding, eusi uni surat kabar, sacerewelena bae, dipalar supaya terang, kieu dina unina, Tarlan maca bari diuk, sarta ngageter leungeunna.

Kecilakaan yang sanget ngeri.
Kemaren kira-kira pukul ampat sore di jurusan Manggabesar, ada seorang Bumiputera dikira umur 20 taun, dengan tida ketahuan asal mulanya telah tergiling oleh stoomtram, sahingga ancur kapalanya, sehingga susah akan dikatahui rupa mukanya.

SINOM.

Sanggeus Tarlan maca tamat, tungkul ngagarukguk ceurik, unghak-inghik henteu tahan, tina bawaning ku sedih, hatena teu sak deui, Salim enggeus tutup umur, kacipta ku Cep Tarlan, sakur tingkah laku Salim kumpul dina wawayangan Encep Tarlan.

Dicipta keur kagelengna, sirahna nu burak-barik, unghak-inghak tambah welas, seksekan munggah teu eling, ramana kitu deui, cipanonna nyalalangkrung, tina bawaning welas, galihna henteu sak deui, Ujang Salim geus nepi kana ajalna.

Sanggeus Tarlan rada janglar, ramana ngawalon manis, pokna kumaha petana, reh Salim nepi ka jangji, moal rek salah deui, ayeuna nyata geus puguh, urang boga tanggungan, bebeja ka Sukasari, ka kolotna wireh Salim enggeus ajal.

Ceuk Tarlan kantenan pisan, ngan mugi paneda abdi, ungel salebeting serat, ulah matak kaget teuing, jalaran acan sidik, najan panyangka geus kukuh, bok bilih kalepatan, kawantu teu aya saksi, anu nyata ngan nembe raratananana.

Tunda nu babadamian, nu keur mikir malar rapih,

78