Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mas Lurah mehmehan lali, kahudangkeun ku wawangen kekembangan.

Nyeblak kapincut ku wanda, Patimah anu keur linggih, ngambung kembang ’na sanggulna, matak nyuat ka panggalih, calikna meh ngalindih, beuki rapet antel tuur, Patimah jongjon lenggah, bari muter-muter sisig, tingborelak waosna nu nyacas bodas.

Ngadaweung bari ngamanah, galih ngait ka nu tebih, ka putrana nu ngumbara, wireh geus sabulan leuwih, ayana di Batawi, Patimah ngan bati ewuh, wireh teu kenging kabar, weleh ngantos-ngantos tulis, saban dinten diantosan taya datang.

Ku Mas Lurah ge kamanah, galihna nu eukeur sedih, nu ka giwang ku putrana, rakana pok nyaur manis, ngupahan saur lirih, Moh! engke di sasih payun, mun beres geus dibuat, pagawean kabeh rapih, jadi bae neang Salim sina mulang.

Sakalian engkang hayang, nyaho di nagri Batawi, itung-itung pelesiran, engkang ge melang teh teuing, mending, disana cicing, di dieu ulah pajauh, anggur sina diajar, ngolah tanah peta tani, urang coba ku urang dibere modal.

Sina macakal sorangan, berean bae sakali, akuan kebon sawahna, ambih jongjoneun mun cicing, Patimah walon ngiring, nyaur teu tinggal ti imut, nembongkeun tawis bingah, barang keur sami badami, rentang-rentang jalma nu ngajingjing barang.

Patimah galihna nyeblak, ningal tas torombol Salim, nyangka Salim tangtu datang, seug ngadeg bari ngaririk, kuli plat nu ngajingjing, barina jeung ngelek buku, nuju bumi Mas Lurah, Patimah ningalna telik, nyata sidik barang kagungan putrana.

Rakana ge milu cengkat, ceuk Patimah boa Salim, tapi barang kuli datang, sorangan tayanu ngiring, Patimah kaget leuwih, kulina ngasongkeun buku, pokna ieu bestelan, dongkap ti Mesterkornelis, diadresan namina Siti Patimah.

Tawiseun ieu bukuna, mun bestel prantos katampi, gesret Nyi Patimah nanda, sarta tuluy mere duit, kuli plat gancang balik, Nyi Patimah gura-giru, nyandak peso ka tukang, keur ngeureutan tali-tali, bade muka torombol bestel kintunan.

80