Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

seja rek pupulih heula, ka nu didatangan tadi, teu lila datang deui, tuluy indit naek setum, kacaturkeun geus datang, ka Salemba tempat kuli, dipetakeun gawena di jero gudang.

Kana ngurus parabotan, mereskeun pakakas kuli, sarta reujeung ngaladenan, kuli anu mundar-mandir, gawena purah ngeusi, tong semen reujeung tong kapur, Jang Salim leuwih bungah, reh gawe teu beurat teuing, ngan sapira nungguan nu menta barang.

Gawena wungkul ngajega, nungguan datangna kuli, ngeusian tanggunganana, kawuwuh di saung cicing, teu milu gudag-gidig, wungkul nangtung nyekel sekup, meunang milih mandorna, reh katimbang leutik teuing, karunyaeun lamun gawe kabeuratan.

Kacatur bae lilana, Salim jadi kuli ari, geus meunang satengah bulan, sapoena lima ketip, Jang Salim leuwih apik, duit nu meunang buburuh, satalen diampihan, ari nu satalen deui, dipastikeun mahi teu mahi keur dahar.

92