Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104

maksa bae, kana něda njělang mulang, ngandika Sang Banuja, eh paman montong ngaběrung, kaula moal ngidinan.

  1. Sabab taja baris ganti, pikeun saksi kula pěrang, upama paman wangsul teh, tatapina hade pisan, paman rek njělang mulang, supaja ajeuna kudu, djongok pigantieunana.
  1. Sabab kula leuwih tigin, ka saur Ratu Ambarak, waktu samemeh iang teh, kula kudu disaksian, salengkah-satingkahna, kitu dawuhan Sang Ratu, kula teu bisa ngarobah.
  1. Patih Kumba Aringäring, nguping saur Sang Banuja, amběk sarta ngutjap njogok, Gusti lir lain dipatya, teu aja pangadilan, teu ngajun ka nu nunuhun, abong lain ka patihna.
  1. Na dikira abdi gimir, lampah maksa mědal sila, pajuneun pangkat bopatos, tong disěbut Arja Kumba, lamun aja kaserab, Sang Ratu barang ngadangu, kětjap Arja Kumba kasar.
  1. Ngahulěng hanteu ngalahir, wungkul ningal polah Kumba, ngomong djanggal sarta edeg, ngan Aria Pramadia, langkung-langkung pusingna, teu tata ngadjěngkat těrus, newak ka Arja Kumba.
  1. Didjědjěk djeung ditampiling, njiksa taja kaingětan, Aria Kumba ngalehleh, ripuh nahan dampal tangan, hanteu bisa ngalawan, wantu-wantu nudju udur, anu sakitu parnana.
  1. Eukeur mah gěring ti tadi, panas lieur nu karasa, katambah mabok ku tjabok, teu aja pisan dajana, disepak blak nangkarak, ditumbuk njuuh ngalumbuk, ditadjong gogolontjongan.
  1. Arja Kumba Aringäring, emut sarta terus ngutjap, dina sadjěroning hate, bo aing tiwas katjida, mun ditagěn ditahan, kadangkala moal hirup, disiksa ku Pramadia.
  1. Arja Kumba hanteu lami, tina teu bisa ngalawan, manahna ngelehan maneh, ti dinja trus bae ngědjat, lumpat sakuat-kuat, ka luar ti djěro panggung, djeung bari haharěgungan.
  1. Raden Pramadia gasik, njusul ka Aria Kumba, Kumba ditondjok, tidjongklok, tatapi bubuhan kuat, wantu-wantu nu gagah, hanteu něpi ka ngaringkuk, Kumba ku Den Pramadia.
  1. Arja Kumba Aringäring, saěnggeus datang ka luar, barang ditewak deui teh, emut ka adjianana, wantu tědak siluman, ngagurindjal sarta těrus, ngědjat kana djomantara.
  1. Ngapung satěngah teu eling, langlang-lingling sadjadjalan, Patih Banuja olohok, newak musuh kalesotan, langkung-langkung pusingna, těrus ngadeuheus ka Ratu, djěro panggung pasanggrahan.
  1. Njěmbah pajuneun Sang Adji, teu lami Ratu mariksa, djeung