Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

106

langkung sae, marga sanes samanea, eta nu bade dongkap, sěděng kana dipiguru, dipandang tulunganana.

Dangdanggula

1. Tunda heula Ratu Raraspedi, katjaturkeun Arja Patih Kumba, sanggeus datang ka luhur teh, aja di mega paul, dumadakan harita Patih, tjageur dadak sakala, teu panas teu landjung, sadatang ka awang-awang, Arja Patih liren di těngah wiati, njaur djěroning manah.

2. Oh pěrtela jen kasakit aing, wisajana Sang Ratu Banuja, bukti ngadak-ngadak hade, dumeh ěnggeus padjauh, djeung paingan Sang Raraspedi, ka aing njarek mulang, malar ulah djauh, supajana aing kěbat, gěring těrus sarta pinanggih djeung pati, tangtu kitu maksudna.

3. Ngan kumaha pilakueun aing, ari arek balik ka Ambarak, isin ku kěrsa Pagusten, nadjan aing piundjuk, netelakeun jen nandang gěring da puguh ěngeus djagdjag, ari arek njěbut, ditundung ku Sang Banuja, ěnggeus tangtu moal pěrtjantěneun Gusti, malah leuwih pusingna.

4. Tangtu njěbat naha wani-wani, njingkah dumeh aja panundungna, ti Sang Raraspedi Katong, kapan djadi gěgědug, dipěrtjaja njaksian djurit, ahir-ahir bět mulang, ku dumeh ditundung, tah eta geus tangtu pisan, Kangdjěng Ratu njeuseulna ka diri aing, těrkadang ngahukuman.

5. Ari arek aing balik deui, da geus musuh djeung Ratu Banuja, manehna nu goreng hate, těrkadang aing tangtu, ditěrapan deui kasakit, ku Sang Ratu Banuja, atawa diratjun, tatapina ajeuna mah, aing moal kana wani balik deui, sumawon ka Ambarak.

6. Ngan aing teh di dieu rek tjitjing, nunggu-nunggu Sang Ratu Banuja, aing arek malěs goreng, dina waktu prang pupuh, di nagara Riskomar pasti, di těngah medan pěrang, Sang Banuja tangtu, ku aing rek dipaehan, supajana kamashur Sang Raraspedi, pupus ku Sang Riskomar.

7. Arja Patih Kumba Aringäring, eta kitu pamaksudanana, rek malěs pati ngabokong, lěnggah di mega paul, sarta hanteu pětot ningali, Arja Kumba ka handap, kana těmpat musuh, nja eta Ratu Banuja, tunda heula Arja Kumba Aringäring, aja di awang-awang.

8. Katjaturkeun nu keur mudjasmedi, dina bulan Sang Ratna Suminar, ěnggeus opat puluh poe, mantěng ka Maha Agung, něda wahju pawarti sidik, nuduhan patěmpatan, nu arek didjugdjug, Sang Dewi