Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
117

sawěwěngkon dunnja bae, di daratan di laut, lamun enggeus sidik marati, sing kapanggih majitna, Kania djeung Sunu, sukur mun masih hirup mah, geuwat bawa urang selehan sakali, Purnama karadjaan.

3.  Sadajana tuměnggung bopati, njumanggakeun ka Ratu Riskomar, jen bade ngambangkeun bae, ngilari Radja Sunu, sawěwěngkon buana bumi, dina poe isukan, anu geus ditangtu, djěngkarna para dipatya, katjaturkeun aja sahidji bopati, dina eta riungan.

4.  Ratu sěpuh nagri Rubulbani, kakasihna Sang Dewa Durpina, piundjuk ka Sang Pramajon, rama Dalem piundjuk, manawina kérésa nampi, sareng pertjantěn manah, ka tuturan buhun, tjatjandran ti nini mojang, saupami maksad indit nilar bumi, aja nu díteangan.

5.  Kědah pisan daměl amit-amit, ka sadaja sangiang-sangiang, para kadewan kaděwen, sareng ka Sang Rumuhun, ka Batara djeung ka Batari, njuhunkeun totondenna, geusaning rahaju, ka mana buat nja lunta, anu tereh kapanggih nu dipilari, kitu sanggěm tjatjandran.

6.  Nganggo sarat anu geus dipasti, njeungeut kukus tingali haseupna, ka mana tjondongna bae, upami tjondong ngidul, kědah ngidul urang nja indit, upami tjondong ngetan, wetan kědah djugdjug, ka mana bae tjondongna, jen pěrkawis nuduhkeun nu dipilari, tangtos gampil kapěndak.

7.  Sang Sri Maha Pramajon ngalahir, rebu nuhun aja pasaratan, tangtos didjalankeun bae, amitan ka nu luhung. amung sěsah teu aja malim, nu bisa permuhunan, ka sangiang luhung, da tangtos aja du'ana, da mustahil wungkul kukus měnjan putih, ngěbul teu didoaan.

8.  Maha Ratu Durpina ngalahir, rama Dalěm sanggěm ngadoaan, mangga sajagikeun bae, parabot baris ngukus, parukujan djeung měnjan putih, bade ngukus ajeuna, těngah alun-alun, mung rama Dalēm sorangan, montong nganggo batur ku margi pamali, wantu doa rasiah.

9.  Gantjangna teh harita sajagi, nu dianggo parukujan kantjah, djeung měnjanna satolombong, Sang Durpina geus lungsur, djeung diiring ku mantri hidji, sarta teu lami tēras, Sang Durpina ngukus, těngah alun-alun pisan, barang bul teh eta haseup měnjan putih, henteu aja tjondongna.

10.  Wungkul lempeng tjěpět ka wiati, ngabělegběg teu aja dengdekna, kana djumantara notog, kaget Sang Ratu dukun, haseup wungkul kana wiati, taja pisan tjondongna, Sang Durpina těrus, mulih ka gědong paměngkang, ka sadaja para tuměnggung bopati, nu sami di paměngkang.

11.  Sadajana tumenggung bopati, kana haseup sami naringalan, sarta pada manah kaget, haseup wungkul ka luhur, hanteu aja tjondong saeutik, Sang Riskomar ngandika, ka para tuměnggung, naha bět taja tjondongna palangsiang barudak aja di langit, susah těměn njusulna.