Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
137

diiring bae, samulajaning pangersa, mung abdi panuhunan, bok gamparan tatjan maphum, supados djadi uninga.

26. Saupami bade linggih, ka Dewi Pramanik tea, ulah waka djol torodjog, kana patapaanana, kédah amitan heula, néda idin Maha Wiku, di pasantren Gurangsarak.

27. Upami parantos idin, saé gamparan teh djéngkar, Ratna Suminar ngawalon, kula sédja nurut pisan, nadjan ka mana-mana, supaya laksana maksud, djeung Dewi Pramanik tépang.

28. Ajeuna mah haju gasik, ka pasantren Gurangsarak, kula hajang geura amprok, djeung Rési Muhamad Kurbah, gantjang nu dicarita, saparantos Putri njaur, hanteu lami téras djéngkar.

29. Diiring ku, Mandrawati, djalan ngambah djumantara, ngébut gantjang hanteu liren, hanteu lami geus katingal, pasantren Gurangsarak, barakbak di puntjak gunung, pértela ti awang-awang.

30. Ngarandég Sang Aju Putri, ka Mandrawati ngandika, eta bibi témpat naon, estuning leuwih kéréta, kawas bandjaran karang, sému panglajungan ratu, Mandrawati ngawangsulan.

31. Bok gamparan teu tingali, énya eta nu disébat, pasantren Gurang sarak teh, ajeuna sumangga enggal, urang lungsur ka dinja, Sang Ratna Suminar njaur, ih kaula moal waka.

32. Ngan ajeuna bibi misti, sorangan turun ka handap, deuheusan wiku pasantren, sêbutkeun aja kaula, maksud rek ngadeuheusan, ka kérésa Maha Wiku, pek ajeuna geuwat-geuwat.

33. Mandrawati hênteu lami, turun tina djumantara, ngémban dawuhan Sang Putren, katjatur Sang Wiku Kurbah, keur lénggah di bumina, saréng garwa hanteu djauh, Sémbada Hamiah aja.

34. Wiku Kurbah seug ngalahir, ka eta Ahmad Sémbada, eh Sémbada sing kahartos, di tahun ieu mangsana, barudak walujana, tapi maneh ulah géruh, tjarita ka saban djalma.

35. Masing tjara tekad kami, Þarudak nandangan lara, anu leuwih nistana teh, keun bae da moal kébat, ngan ulah pétot néda, ka Gusti Jang Maha Agung, tereh datang salamétna.

●●