Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

162

gaduh impian, ngimpi tepang djeung Meswari, ka kuring teh mepeling, saurna di poe isuk, ulah rěsěp di imah, djeung kudu masing sajagi, běběrěsih beresan di djěro imah.
30. Sakitu kuring impian, margi kaburu ku lilir, nu mawi taja eureunna, beberes kuring ti endjing, sasapu bēběrěrih, Ki Turna deui tjatjatur, tjing atuh bisi ěnja, haju urang ulah tjitjing, ngidér kěbon neang sakur pěpělakan.
31. Djeung nadjan taja impian, da urang ajeuna misti, nungguan pare di huma, loba hama manuk leutik, bondol piit galatik, gantjangna harita tuluj, pada turun ti imah, Turni ngelek said leutik, Turna njoren bědog djeung njorendang kodja.
32. Paningkah Turna di huma, nulak tjangkeng lundjang-lindjing, suka keur koneng parena, Turni ngawih tandak silir, djeung bari ngelek said, ngundeur selong katjang djabung, djeung daun katjang pandjang, Turna bati suka ati, heheotan sarta lagu Padajungan.
33. Nji Turni keur kakawihan, rasa gěnah ku pribadi, ngareret ningal ka lěbak, djalan sisi kěbon hiris, katingal sarta sidik, aja anu darariuk, handapeun libiria, dua istri tur gareulis, ngan Nji Mandra anu hěnteu katingalan.
34. Kahalangan hondje-warak, ngalondjor bari njangigir, nu matak hěnteu katingal, ku Nji Turni djuru tani, ngan awas ka praputri, Turni kaget liwat langkung, njampeurkeun ka Ki Turna, noel deudeupeun pupulih, ieuh akang geura tjobi itu tingal.
35. Aja awewe duaan, djeung gareulis liwat saking, dihandapeun libiria, sisi djalan kěbon hiris, damělna keur tjaralik, tjing tjobi ku akang buru, hanteu lila ku Turna, ditingal ka lěbak sidik, dua istri gareulis teu kasamaran.

Asmarandana

1. Ki Turna ngomong ka Turni, urang di dieu geus lila, nu katjatět dina hate, tudjuh bělas tahun aja, migaw katanian, di tanah gunung Sirkawur, tapi kakara ajeuna.
2. Dikadarkeun ku Jang Widi, papanggih deui djeung djalma, ngan kakang sumiak hate, aringgis bangsa siluman, sabab mohal katjida, bangsa manusa nu estu, nu sakitu pamuluna.
3. Istri sartana gareulis, lain pande bangsa somah, bět aja di leu-