Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/228

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

226

lir kaja ka sasama, tjampělak teu patut, rungkang-rongkong kana raraj, abong² siluman Sagara-keusik, bět surup ka patutna.

29.Turug² eta teh tjitangis, lain baris ngagěndam nu endah, bět pikeun ngadujung barong, Sang Pramanik gumuju, bari njaur lah Adjěng Putri, ěngkeun bae karunja, sarěng itung-itung, piluwangeun ka hareupna, boga lampah anu teu dibarung lantip, nadjan nudju njorangan.

30.Ngawangsulan Putri ka Pramanik, jaktos pisan mun kitu manah mah, mung raos rai pribados, kantěnan ka Sang Sunu, djabi tina nande tjitangis, tangtos aja tambihna, laku nu teu patut, tjupu-tjupa ngaragapan, Sang Pramanik gumudjeng lir bungah galih, ngadangu Adjěng Ratna.

31.Bari njaur lah puguh teh teuing, ěngkangna mah sumawon manusa, bangsa siluman ge bogoh, Ratna Suminar imut, nampi saur Dewi Pramanik, raos sindir panjaram, ulah sok timburu, ku sangka nu hanteu njata, nu didjagi bok bilih baring supagi, wirang lamun sulaja.

32.Turug² ka nu lain tanding, timburuan ka bangsa siluman, rupana ratuning goreng, Ratna Suminar těrus, njaur deui teu eureun běngis, ka Manetji Manetja, djeung dibarung nundjuk, pěrkara maraneh nanja, patěmpatan nu ngaran si Rohongguris, kami teh njaho pisan.

33.Tatapina waktu ieu kami, moal aja pamaksud ibadah, ngamonjah-monjah pangartos, nadjan maneh ngaběrung, keukeuh menta pitulung kami, kami taja pětana, ka maneh ngagugu, sumawonna karek basa, ukur menta pitulung piwělas asih, kasěbut gawe balas.

34.Nadjan maneh upama ka kami, arek ngongkos ku dunja barana, hamo ku kami direret, sabab kami teu butuh, ajeuna mah neangan deui, nu baris kana bisa, nuduhkeun si Burus, kami teh lain teu njaah, ngan bolampar kami ge nudju prihatin, aja nu diteangan.

35.Ngan teu kudu mungguhing ku kami, dibedjakeun nu djadi kasusah, sabab diri maneh hamo, ka kami bisa nulung, tina sabab maneh kabukti, tjatjakan barang gampang, nu teu kudu bingung, aja dina biwir mata, ngadjědogna duruwiksa Rohongguris, mata maneh kasulap.

36.Komo teuing mun kasusah kami, ditěrapkeun ka nu kitu rupa, kadangkala beuki renghek, Dewi Pramanik imut, ngadangukeun lahiran Putri, poksang taja kabingbang, abong² alur, ngumbar hawa barangasan, estu ludeung teu aja anu dihiding, wantu tědak kadjinan.