Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Magatru

1. Ladjěng siram ngasaj sartana teu rusuh; djasmani seungit ti tadi, kawuwuh ku harum sabun, atuh beuki ngadalingding, ngelehkeun minjak rosbalon.

2. Sanggeus siram ka bumina buru-buru, meresan rambut luluis, djeung ngatja njunjurup sanggul, galing muntang bidjil djabing, tembang kurabu montjorong.

3. Diraksukan tabur giat sěkar, tandjung, dasar bodas sutra ipis, geulang mas dukět ngagěbur, wantu-wantu beunang njangling, sindjangna nu ti Sang Anom.

4. Dipanitih panabur sosotja mantjur, keur geulis katambah luis, nungtun sĕmu ti kadatun, nindih rupi nu ti puri, lir tagog nu ti karaton.

5. Njai Dewi Kania barang geus tutup, tina pagulingan bidjil, disaur ku rama ibu, Sang Rěsi Jadjěng ngalahir, eh Dewi Kania ěnong.

6. Tjoba dangu ajeuna ama mitutur, poma-poma masing eling, ngadeuheus ka bangen luhur, titisan těrah narpati, mungguh Sang Pangeran Anom.

7. Kudu leuwih tata-titi tindak-tanduk, babakti hurmat djeung tadim, lampah djaga saur ukur, ulah sok darapon lahir, lampah běngong omong songong.

8. Kaduana poma-poma pisan ěnung, djaring pikir bisi Lali, jen Njai ěnggeus kasěbut, anak anu djadi rěsi, bisi ngadolos nu awọn.

9. Tah sakitu subaja ama ka ěnung, pek ajeuna geura indit, reudjeung Nji Hamiah kudu, Dewi Kania teu lami, djĕngkar ka karang patamon.

10. Nji Hamiah nanggeuj keur baris pupundut, bubuahan rupi-rupi, wadahna banedja kaju, budidaja djěrukbali, tjěngkir bapang buah gědong.

11. Ka patamon geus sumping těras ka dapur, tjuringhak djongos djeung koki, ngarandjug djuru sasapu, buntjělik nja tukang ngistrik, olohok djuru kokosok.

12. Kaget ningal nu geulis asup ka dapur, nu manis sumoing ti pipir, Sang Dewi Kania njaur, imut wantu amis budi, ka koki minatu djongos.

13. Aeh paman di mana Pangeran Sunu, sumĕdja ngadeuheus kuring, gantjang ki koki ngawangsul, sumuhun linggih di bumi, duka ngaos duka ebog.

14. Saur Dewi Kania tjing tjoba atuh, undjukkeun jen aja kuring.