Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/244

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
242

nagri dirěbut dibojong, paman djeung para ratu, sami-sami kagetna galih, maratja eta surat, ngadjak pěrang pupuh, gantjangna těras ku paman, diwalonan ka Sang Putiasukmadji, barěmpag sadajana.

32. Menta tempo sadjěro sasasih, mikir heula djeung rek rěrěmpugan, djeung kabeh para bopatos, paman ngawalon kitu, ka Sang Sri Putiasuk-madji, utusan těrus mulang, ngabantun pangwangsul, ti dinja teh paman těras, rěrěmpugan sareng sadaja bopati, sakur bawahan paman.

33. Waktu eta sakur anu hadlir, sami njěbat warantun ngajonan, ka Putiasukma Katong, ngaděgkeun pěrang pupuh, amung aja hidji bopati, undjukan terus terang, ulah waka rusuh, nangtang sanggup ngaděg pěrang, urang ngutus naroskeun ka hidji rěsi, Pandita Ragatoja.

34. Mun tjeuk Rěsi lawan ulah gimir, sabab bakal unggul pěpěrangan, těgěsna moal kadeseh, tangtu sadaja madju, tatapina lamun tjeuk Rěsi, bakal kana kabandang, těgěsna kasambut, tinangtu sěrah bongkokan, moal kantos kana ngajonan prang djurit, ka Sang Putiasukma.

35. Eta hodjah ku kabeh bopati, karěmpagan kana naros heula, ka Rěsi Ragatoja teh, sarta ku paman terus, didjalankeun ngutus Papatih, tumaros ka pandita, ari nu didjurung, nja ieu Patih Banuja, wasta Raden Pramadia senapati, mios ka Ragatoja.

36. Ari eta Ratu nu měrědih, ngamistikeun tatarosan heula, ka pandita anu kahot, wastana anu mashur, Adipati Purdajapati, nagri Wawadimara, antara praratu, andjeunna nu pangsěpuhna, tuhu tigin salirik teu sepi titih, teu kantun palintangan.

Sinom

1. Sadaja para dipatya, tatjan aja anu mulih, nunggu Arja Pramadia, kumaha torahna Rěsi, teu lami datang Patih, měntas tumaros ti Wiku, ditanja ku sadaja, walonna Aria Patih, hal pěrkawis Pandita taja sanggěmna.

2. Ngan aja kintunanana, tjai ti Komartohidi, wadahna kěndi tambaga, ari pisanggěmna Rěsi, ieu tjai teh misti, leueut ku sadaja ratu, saěrehan Banuja, wastana ieu teh tjai, Madirata pikeun ngaratakeun tingal.

3. Moal kalinglap ku sulap, ku panjamar anu děngki, bangsa sipat para murka, ngan sakitu saur Rěsi, sanggěmna Arja Patih, ti dinja ku paman terus, eta Tjimadirata, dibagikeun ka nu hadlir, ěnja eta para bopati aria.