Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/246

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

244

ngalna ku prarengrengan Banuja.

14. Matana buburilěngan, sagěde pisin tjatjangkir, estu matak gila ningal, bět paingan waktu tadi, memeh gok rasa gimir, da patutna rupa kitu, ajeuna geus teu samar, ku karamatna Sang Rěsi, asal nginum tjai ngaran Madirata.

15. Paman reudjeung sadajana, para bopati papatih, di Ambarak hanteu lila, tina teu tahan ku risi, sapeuting těras amit, ka Ratu sumědja wangsul, gantjang isukna těras, wangsul ti Ambarak nagri, sadjadjalan ear pada njěbut heran.

16. Sakur anu ěnggeus terang, di pangaděg Sang Narpati, lain kitu bareto mah, sampulur kasep duměling, rupi manusa jakin, tapi ajeuna bět kitu, geseh ti rupa djalma, kawas duruwiksa djurig, imbang² teu beda reudjeung badawang.

17. Kitu tjarita sadaja, ka Sang Putiasukmadji, barang dongkap ka Banuja, těras magělaran deui, ari anu diwarti, lantaran ku pasal kitu, sareng sumědja těras, wajahna tombok upěti, djeung tinimbang perang djeung bangsa badawang.

18. Atuh paman salawasna, saban² tilu sasih, dongkap ka nagari Ambarak, kempělan para bopati, nampi sugri panglahir, baris kapěrluan Ratu, gawe ngeujeuk nagara, lobana mah nu dimisti, kudu ngilěng hagri lindiheun andjeunna.

19. Paman di dajeuh Ambarak, patěpang sinarěng wargi, ieu kakang Gěndarata, anu keur nandang prihatin, njangking rasiah děmit, lantaran leungiteun sěpuh, Ratu Putiasukma, ku margi gesehna rupi, ku pangilěng manah anu sadjatina.

20. Tjalikna di luar kota, ieu kakang Gěnda Rěsi, atuh paman nja di dinja, madjik saban gawe misti, kumpulan prabopati, nja dumugi kana waktu, ajeuna dipiwarang, ku Sang Putiasukmadji, ngarurugan nangkěp Sang Ratu Riskomar.

21. Sang Adjěng Ratna Suminar, njělang ka Sang Raraspedi, mariksa kieu saurna, naon anu djadi awit, Putiasukma Adji, nitahan ngarurug němpuh, ka Sang Ratu Riskomar, teu lami Sang Raraspedi, njarioskeun tatag nu djadi asalna.

22. Lantaran Purnama Alam, nampik teu daekeun ngawin, ka putra Putiasukma, nu ngaran Siti Kaswati, ku Ratu Raraspedi, dipisaur teu kaliru, lampah Purnama Alam, dipaling ku Arja Patih, něpi kana disiksa dipangbuian.

23. Nja dumugi kana mangsa, djěngkar ngarurugan djurit, ka Ratu nagri Riskomar, sarta tetes dipilahir, nuturkeun tjahja kuning, sarta něpi